Pangarang : Samsoedi
Tingkesan Carita :
Jatining
sobat ngalalakonkeun pangalaman Minta, anu hirupna balangsak sanggeus papisah
jeung dicaritakeun bapana pupus di Leles sangkan rek kadukun gara-gara si Minta
gering. Ari indungna aya di Bandung lunta lantu teu puguh. Kapaksa menehna kudu
cicing di imah Emangna, tapi teu betaheun, lantaran Emangna teh gegedug
bangsat. Akhirna si Minta minggat ti imah Emangna.
Teu
lila minggat ti imah Emangna, si Minta jonghok jeung sobatna nu ngaranna Si
Acim. Si Acim ge hirupna balangsak, ngan manehna mah geus boga karep ikhtiar
sorangan kana dagang. Minta ge nurutan, diajar dagang di Tegalega.
Di
hiji poe Minta jeung Si Acim menang lotre saratus rupia, nya atuh maranehna teh
bungah, sorena Minta jeung Acim indit ka Pasar Baru rek meuli baju. Sanggeus
meuli eta baju, Minta jeung Acim kaluar ti toko rek balik, dijalan si Minta jug
gok jeung hiji awewe nu mentas diiringkeun ku salakina ti tukang. Apek teh eta
awewe teh indungna jeung lalaki eta teh bapana. Si Minta tadateuing bungahna
pasanggrok jeung indung bapana nu dicaritakeun pupus di Leles.
Si
Minta dibawa balik ku indung bapana. Duit menang lotre tea dibagi dua jeung
Acim, duit bagian Si Acim dipake ku manehna kanggo neruskeun dagang barang
kolontong di pasar kauntungana dagang Si Acim dibikeun ka Si Minta rek disina
sakolakeun. Ari nu Si Minta diberekeun ka bapana, ku bapana dipake keur nebus
lio sawarehna deui dipake ngamodal ngenteng.
Ø Tema : Pangalaman
Ø Alur : Maju
Ø Latar :
-
Tempat :
Tegalega, Imah Emangna Minta jeung Pasar Baru
-
Waktos :
Sore
-
Suasana :
Kahanjelu, kaleungiteun jeung kabungahan
Ø Panokohan:
-
Minta :
bageur sipatna
-
Indungna Minta : teu bageur, nutup-nutupkeun kanyataan sipatna
-
Bapana Minta : bageur sipatna
-
Emangna Minta : teu bageur sipatna ku sabab gegedug bangsat
-
Acim :bageur
sipatna
Ø Amanat : Lamun aya usaha piken gawé mah,
tangtu hirup téh moal balangsak
teuing.
wios dicopy henteu ieu teh?
BalasHapusmangga :)
BalasHapusTeu aya unsur ekstrinsikna
BalasHapus